Kumpulan Kata Kata Bijak, Kutipan, Kata Kata Cinta, Kata Kata Mutiara, Kata Kata Motivasi, Quotes, Kata Kata Sayang, Kata Kata Rindu, Kata Kata Sedih, Kutipan Kata, Pepatah Bijak, Petuah Bijak, Kata Bijak Tokoh Dunia, Kata Bijak Penulis, Kata Bijak Penyair, Puisi, Gambar Kata Kata, Kata Kata Romantis, Kata Kata Lucu, Kata Kata Indah, Kata Kata Puitis, Kata Kata Ucapan Selamat, Kata Kata Perpisahan

∅ Kata Sunda Lucu Beserta Gambarnya

Kata Sunda Lucu Beserta Gambarnya - Terkadang di dalam perjalanan yang mulus kita sering tijalikeuh, tapi kita tetap harus maju dan berlari sanajan bari ingked-ingkedan.

*Seuri bari hate nalangsa adalah ciri-ciri jalma anu hebat, kuat tur loba jerawat.

*Cinta nu tulus bersih liribarat kaen sutra nu anyar di keueuman tujuh poe tujuh peuting, sanajan ceuk batur bau tapi ceuk nu resepmah nu penting bersih tur enak ka tempona.

*Terkadang Pami Cinta geus melekat tai Ucing karasa nikmat siga coklat.

*Sakabeh perjalanan nu teu di hareupkeun pasti bakal sae dina palebah tung-tungna kitu oge lamunmah keur alus milikna.

*Susah jeung senang dina kahirupan pasti bakal kasorang salagi jasad jeung roh, napel ngahji ibarat gula jeung a misna.

*Istilah barudak ayeuna teu lepas tina kecap jatuh cinta, numana ngandung harti tut wuri hayandani (hitut nyeri hayang deui). Geus puguh jatuh cinta teh nyeri tapi hayang deui hayang deui.”

*urang Amerika mah hitut teh ngobrol, "EXCUSE ME". urang Inggris hitut ngobrol, "PARDON ME". Mun urang Singapore ngobrol, "I'M SORRY". tapi ari urang Indonesia mah ngobrolna teh, "lain abi!! lain abi!!" 

*Cara Awet ngora, nyaeta :
1. Loba nginum cai kalapa ngora.
2. Nginum "jamu awet ngora".
3. Tuang "Daun Ngora".
4. Gaduh "Istri ngora".

*Pas ningali bayi, abdi inget "TEDDY BEAR DOLL".
Pas abdi ningali budak alit, abdi inget "BARBIE DOLL".
Pas abdi ningali kamu, ehh inget na "PANADOL"

*Cenah mah Cinta teh buta 
Buta teh panon 
ari Panon teh buled 
Buled teh endog 
endog teh aya koneng na 
Koneng teh siga tai 
Ari tai teh Bau 
Bau teh maneh


Kumpulan Gambar-Gambar Kata Sunda Lucu  























Berikut adalah kata kata lucu terbaru versi bahasa sunda :
Kata Lucu Facebooker’s
Ibu2 Facebooker keur paagul2.
Ibu I: “Ka akun abdi mah nu ngirim pesen via inbox téh aya ratusna.”
Ibu II: “Komo basa abdi ultah, nu ngawilujengkeun kana dinding akun abdi nepi ka rabul.”
Si Ona ngahuleng, da euweuh agulkeuneun manéhna mah, tapi milu nyarita ogé,“Puguh akun abdi mah rék dikontrakkeun tapi teu payu2.”
Ibu I & II: “ Naha?”
Ona: “Arembungeun meureun da di jerona ngabugbrug carita bohong wungkul!”
Kata Lucu Basa Sunda Terbaik
Basa Ona ka lemburna (Garut), manéhna kakara nyaho, yén urang lembur gé geus loba nu mopohokeun basa Sunda ku cara ngajak nyarita ku basa Indonésia ka anak2-na, bari campur aduk jeung basa Sunda. Saperti caritaan hiji indung ka anakna, kieu cenah,
“Héy jangan lulumpatan di atas sasak, nanti tiporos!”
Nging téh si budak ceurik diciwit ku lanceukna, ceuk indungna deui,
“Jangan diheureuyan ajah atuh, Ujang!”
Ma Unéh: “Kapan hajat ngawinkeun Nyi MIncreung téh sakeudeung deui, Nyi Ona. Naha geuning can katénjo olah, kuduna mah geus ngamimitian nyieun ulén, opak, ranginang, wajit, kolontong, meuyeum ketan jeung meuyeum cau, nyieun kuéh saroja nanahaon!”
Ona: “Ah nu kitu mah gampang Ma, ieu yeuh abdi mah keur riweuh kénéh nyetatus, ngoméntaran, ngabales koméntar, ngajempolan status batur, jeung ganti poto profil dina Pésbuk!”
Ma Unéh (keuheul): “Heueuh alus, engké téh sémah nu diondang kabéh suguhan nu kitu patut wé sakalian, méh teu olok kéjo!”
Sardung jeung Ona mah mun keur pabaeud-baeud sok silih remove akun Pesbuk, mun geus akur deui silih add deui (berteman deui). Terus we kitu jeung kitu, ceuk Si Kucrit tea mah, “Uyuhan cinggir Si Abah jeung Si Ema teu lecet balas hantem-hanteman dipake pacantel!”
Sardung: “Baheula mah barang nu dianggap anéh téh radio, nepi ka tatangga daratang ka imah nu bogaeun radio, rék milu ngadéngékeun siaranana.”
Ona: “Tuluy torojol TV. Najan harita ngan ukur TV hitam putih, pada ngarogrog ku nu teu barogaeun.”
Sardung: “TV geus teu anéh diganti ku internét. Di mamana boh budak boh kolot ngan OL jeung OL wé.”
Ona: “Mun internét geus teu anéh bakal diganti ku naon nya?”
Sardung: “Sigana mah bakal balik deui ka jaman baheula, boh budak boh kolot bakal ngariung deui hawu bari marubuy sampeu atawa mareuleum opak.”
Jenong: “Ema, teu nanaon mun abi boga kabogoh ka anak band?”
Ona: “Pék baé, asal ulah ka anak maung wé, sieun dikerekeb!”
Sardung: “Pan Abah gé baréto téh kungsi jadi anak band, Jenong!”
Jenong: “Wah…piraku? Naha atuh kakara nyarita ayeuna? Abah bagian nyekel naon? gitar atawa dram?”
Sardung (bari ngabéléhém): “Bagian nyekel Kecrék!”
Kaayaan dina angkutan kota, kadang-kadang sok mancing pipasèaeun. Aya panumpang mayarna kurang, supir tèh sok langsung hahaok. Kitu deui lamun supir ngebut sakarep ingsun, panumpang loba nu ngambek. Tina kaayaan kitu ahirna sok ngahudang napsu pigeluteun. Sanajan kaayaan dina angkutan kota kitu, tapi lamun pamnumpang jeung supir nyaritana makè sisindiran mah moal kungsi ngondang pipasèaeun. Upamana baè aya supir ngebut, panumpang teu kudu ngambek, cukup ku sisindiran.
Melak suplir makè huut,
dibawa ka Cicalèngka,
Ari nyupir ulah ngebut,
kumaha lamun cilaka?
Lantaran  panumpang nyaritana makè sisindiran, atuh supir tèh moal kasigeung. Malah langsung ngajawab ku sisindiran deui.
Kacapanon dina jukut,
geus ruksak rèk diomèan.
Ku naon abdi bet ngebut,
apan keur ngudag setoran.
Tuh nya pan aman? Nyarita ku sisindiran mah ngalantarankeun kaayaan dina jero angkot jajauheun kana pigeluteun.
Sabada diterapkeun otonomi daèrah, asa mindeng kajadian dèmonstrasi nya? Teu sirikna ampir unggal poè aya baè anu dèmo tèh. Biasana kaayaan dèmo tèh sok harènghèng. Ngomong pacowong-cowong. Peureup pabuleud-buleud. Antukna sok nimbulkeun napsu nu ngagedur. Rombongan nu dèmo tèh sok terus patelak pisik jeung patugas kaamanan.Hoyong dèmo aman? Cobian geura  cocorowokanana nganggo sisindiran. Upama aya rombongan  PKL dèmo ka Pa Walikota, pingpinan dèmo dina nepikeun aspirasi tèh cukup makè sisindiran samodèl kieu:
Batu ali ti Cimindi,
Ngajul gedang makè gantar,
Pa Wali tulungan abdi,
Ngiring dagang di trotoar.
Ngabandungan pingpinan nu dèmo nyaritana makè sisindiran, Pa Walikota ogè ngawalerna tèh ku sisindiran deui. Saur Pa Wali:
Ti Cililin ka Sumedang,
surat kabar na karanjang,
Lain Bapa nyarèk dagang,
trotoar mah keur nu leumpang.
Aya ku kayungyun nya mun enya tèh nu dèmonstrasi saperti kitu.
Di tempat nu loba prèman saperti di terminal, pigeluteun tèh mani narampeu. Tapi lamun sarèrèa nyaritana makè sisindiran mah, dijamin pigeluteun tèh moal aya. Saperti aya jalma nu katincak sukuna ku prèman, ari nyaritana ku sisindiran mah ahirna jadi misobat. Apan ceuk èta jalma tèh:
Nginum arak matak weureu,
ditotor tinggal sakeclak
Mata sia henteu neuleu,
suku aing bet katincak.
Sanajan pok-pokanana garihal, tapi ari nepikeunanan makè sisindiran mah asa teu nyentug kana hatè. Apan èta prèman gè ngajawabna tèh kieu:
Saninten buah saninten,
Sukajadi pamoroan,
Hapunten abdi hapunten,
Suku abdi teu panonan.


 lihatlah tetes embun yg nyurucud diatas daun..dan pastilah hileud itu akan senang kukucuprakan disana. dan lihatlah pohon yang ting pelenod tertiup angin..dan pastilah tarzan akan merasa atoh gugulantungan disana. begitu pula klo kamu merasa baru terbangun, maka lihatlah air di sumur itu dan cepatlah cuci muka biar cileuh mu tidak ram...etek... *mikeun ember timbaan ka nu rek mandi
 aku tlah mencoba kokoreh kedalam hatimu hanya untuk melihat bebenguk perasaanmu, tp aku tak sanggup krn itu hanya membuat jiwaku lungse tak walakaya..meskipun bathin ini tetejeh dan totoker agar aku bisa menggabrug hatimu, tetap saja itu semua sia-sia...biarlah cintaku yg kokoprot ini menjadi saksi dalam pengorbanan cinta dan do'a....... * melong film rhoma irama nu judulna PENGORBANAN
 telah ku Burialkan semua perasaanku padamu, tp knp kau hanya terdiam membudek dan membisu...tak sedikitpun kau utarakan, apalagi kau selatankan, baratkan dan timurkan... padahal aku sudah berusaha cingogo disini dari mulai subuh hingga wanci sariak layung, itu semua hanya karena aku ingin mendengarkan hatimu noroweco kepada jeujeubirk...u... *cingogo, trus manggul karung bari nyarekan tiang listrik
 pada siapa rasa ini harus ku burialkan..?? wahai sang hawa, pernahkah kau dengarkan suara cacing yang kukurubukan mengharapkan sekarung nasi..?? spt itulah aku sekarang, yg lagi ngahodhod perasaan bagaikan kuya yg merindukan batok.. hingga ingin rasanya hatiku ngadirigdig ke paleubah hatimu agar kita berdua bisa berhati-hati... *melon...g rambu lalu lintas bari naek angkot
 Ijinkan hatiku Ajrag2an Menjeubirnya, betapa emprak hati ini disaat kau ungkapkan tentang duriat dan raraosan yg ada di benakmu...sungguh kau membuat hatiku bungah kagiri-giri, ka sisi, ka gigir, ka kulon, ka wetan...terasa jiwaku ingin segera aclok2an ke dalam hatimu...( ngabalangkeun sendal trus lumpat sa tarikna da sieun nempo nu aclok2an di kebon )
 Geuring nangtung ngalanglayung, sagala bingung maklum linglung, udud ge puntung meunang pamulung.. bu'uk di gelung trus indit ka warung bari manggul karung, geus kitu nambulan kangkung jeung surawung handapeun payung... saking ku bingung hitut oge na jero sarung bari halis kerung.. duuuh gustiii... moal kitu eta nu disebut Jelema Buru...ng ?? * Cingogo bari ngacung jeung babaung
 perasaan ini terasa ga tangtu, ketika menenjo kau pulang anting di depan mataku, hati jadi curinghak nafaspun terasa sesak... kau begitu mempesona hingga bathin ini kokosehan pingin sekali berkenalan, namun apa daya kokod tak sampai bahkan tidak walayaka..!!! aku hanya bisa menyampaikan salam sono ku pada pohon yg ting peulenod, agar ...kau nyaho bahwa aku sangat ingin ngagabrugmu... ( ngahuleng na luhur tower )
 Alhamdulillah ya Alloh... Akhirnya awak ini tidak terasa ringseuk again, padahal wanci kemaren before aku nambulan obat, terasa banget badan ngahodhod hingga my eyes burial bunceulik, buricak burinong.. ya Alloh ternyata Geuring my body lebih kejam daripada Sehat Wal Afiat....semoga rasa sakit ini senantiasa tidak kateterusan hingga a...khir hayat memisahkan raga dan hitutku... ( nambulan martabak da bales dendam )
 titi mangsa tina rumasa, kedal hate pangjajap rasa,, kedal ati nyu'uh ka gusti, sujud raga ka nu kawasa, dunya caang lir ibarat beurang, rasa hariwang moal kasorang... waruga taya nu boga, tulang iga taya pangawasa, iwal ti gusti nu maha suci, simkuring seja sumerah diri....!!! *nyusut ci panon ku kanebo
 seLamat POPOEKAN! pastikan sendok & makanan anda tida SASAB k Lubang IRUNG anda..WaspadaLah..dLm keadaan POEK rawan pencurian jatah makanan oLeh org d dekat anda. SiLakan KEUKEUPAN jatah mkanan anda.. Lapangkan hati anda trhadap keueplean PLN ini..nikmati saja. .anda jadi bisa makan d teras yg CAANG, itung2 PIKNIK ,atau candLe Light......diner,ROROMANTISAN. *maledog PLN bari nyekel daharen da sien di cokot kunu gigiren
 nenk..naha bogoh ka aa..?? da aa mah rumaos teu gaduh nanaon, teu gaduh mobil mercy nu hadiah kuwachi, oge teu gaduh becak matic nu matak reumatik...malah mah teu gaduh beungeut da katutupan Helm...kunaon atuh ningalikeun wae ka aa nu euweuh beungeutan.? boa2 nenk teh resep kana Helm..? moal kitu nenk teh nu sok maling Helm..? *markir...keun motor dina luhur suhunan bari siap2 ngampihkeun Helm anyar da sieun leungit
 aku bagaikan kuya yang merindukan batok... akan kah batok itu bisa ku giwing kembali dalam lahunan ku..?? dan tidakah kau sadari disaat pohon2 itu ting peulenod seakan gugupay memanggilmu untuk kembali kepada lahunan ku..? tidakah kau dengar gemercik air korobokan yg kukurubukan mengharapmu ngojay di dalam nya..? dan tidakah kau denga...r..?? ( heiii...sugan budek kitu pedah teu ngadenge wae )
 ayang tau kah kamu..disaat aku berada di depan bebengukmu, lidah ini terasa kaku seakan ngaletak bubuk semen beton, bibirku terkunci seakan nambulan gembok, mata ini tak bisa ting juralit seakan tak ada lagi yg bisa ku tenjo... aku hanya bisa terdiam bagaikan patung yg lagi ambeyen. padahal hati ini sudah keukeujet ingin rasanya memb...urialkan apa yg aku rasakan.. *melong suku nu katincak sendal kelom
 Sok aneh mun Pesbuk geus sirik ka uing, piraku batur mah Status Hubungan MELAJANG, na ari uing MENJALANG..? kawas ka Ucing nu keur kumincir wae...!! batur mah Hubungan RUMIT uing hubungan Jeung DEUDEMIT, nu leuwih parah batur mah Status SINGLE na ari uing status GANDA CAMPURAN..apanan uing teh rek pesbukan lain rek Badminton... ( nalap...ung Admin Pesbuk )
 if u believe about duriat this... actualy im not kungsi litle pun opening my duriat for menenjo love another.. i hope u can aclok2an in my duriat sekedar to looking for apa yg make u fear.. coz little pun no im sumputkeun from u.please dont cingogo there, come here and cabaklah my duriat this, biar u know yen im not walakaya if u juma...ngkor in my heart.
nerekel kana tangkal tower bari gogorowokan.

Coba itu hurungin dulu lampunya biar ga poek2 amat, Nah kan enak kalo udah caang mah
Udah ah moal BBMan dulu, bareuh jempol aku
Dimohon untuk para antrian untuk tidak seseleked kaya korong, terima kasih
Udah kamu lah jangan kukulutus musingin banget tau
Ih kamu kemana aja kok aing ga pernah NGADELE kamu
Itu mah cuma rarasaan kamu aja
Semalem aku mimpi diudag nu gelo! aku lari dan akhirnya tikudawet! bangun2 meni sampe keringetan segala duh..
Beb,Baju kamu bagus baget tau, Buricak burinong gtuh
Anak zaman sekarang susah dicareknya, dibilangin jangan teterekelan pager, tetep ajah bedegong
Apaa?!?! Cewe kaya gitu masih lo gebet? Segitu mukanya orowodol gitu?
Kamu mah da jadi orang teh ga cukup ku omongan, kudu peureup aja yang bicara
Minum obat nya gak perlu pake air, di heumheum juga ngga pait ko..
Harus nya loe tau kalau gue nya’ah banget sama loe. Terus kenapa lo selalu nyakitin perasaang aing aja
Sayang kamu udah nyampe rumah belum?? Kamu ga kuma onam kan??
Kamu jadi orang jagan sok geulis , ngerebut kabogoh batur lagi . urat malu kamu udah peugat yah.
Iya soalnya kamu siga ti munding haneuteun wae kalau deket kamu teh
Aku ngedagoinnya di depan aja yach, ntar kalo kamu dah beres belanjanya gupayan aja akunya
Beb maafin aku atuh , kamu mah meni katutuluyan ari cemburu teh
Aduh beb, kamu tuh muir muir terus dikepala aku,bagaikan rametuk yang sedang ngarewong gedang
Maaf beb tadi aku nganterin pulangnya cuma semeut gang.
Pengen cepet ketemu kamu , hayang ngababug pake sepatu aku nu jangkung hakna , aral gada kabar !!
Mang, Jangan lupa itu bumbunya di galo-in yah biar ga cawerang
Hey cewe kamu membuat aku gogodeug tidak berdaya sampai cirambay gini
Bobogohan sama kamu itu pastinya hate rujad dompet rujad
Kamu kalo naik motor teh jangan gegerungan, sareukseuk ke ceuli akunya
Sudah banyak turaes disarada, nampaknya sebentar lagi musim halodo
Duh baju sayah basah kuyup kahujanan mesti di bengbrengin biar ga bau tie ucing
Tolong jangan ngebuat hati aku boleksek untuk kesekian kali nya

Gue tuh udah kukurilingan Mall ini tapi kok ga nyampak baju yang gue teang yah
Makan dorokdok teh suka jadi susah neureuy.
Terkadang aku suka kabita, ketika dia lagi nangkarak bengkang
Yahhh kopi gw di gembrong sireum dong
Aku teh punya dispenser, kalo mencet yang merah air nya panas, padahal gak di taheur-
in cai nya
Aduhh ini sakit banget kaki aku tiba tiba singsireumeun
Di daerah saya banjirnya parah banget, rumah saya keliatan suhunan nya aja
Kamu mah kalo diem teh pasti aja ngome tai kan akunya jadi geuleh

Baca Juga Artikel : Kata Kata Lucu Tentang Pacar, Gebetan dan Teman  

Share on Facebook
Share on Twitter
Share on Google+
Tags :

Related : ∅ Kata Sunda Lucu Beserta Gambarnya